Lalampahan Abah Sastra

Abah Sastra, bapana Marhaya. Marhaya banjaran, bandar samangka.
Nah, lantaran garwana aya maksad hajat. Hajat badag da nanggap wayang sagala, Abah Sastra kapaksa ngala nangka ka Majalaya, sabab aya tangkal nangka ngajajar dapalan tangkal, na sawah saat.

Abah sastra mawa karanjang sabab abah sastra nyangka nangkana baradag sarta arasak. Barang datang ka majalaya, abah sastra kasampak tangkal nangka araya, Da apan tangkal nangka mah kan tara kamana-mana.

Abah Sastra gagancangan ngalacat kana tangkal nangka. Barang ngalacat kana dahan pangbadagna, Abah Sastra ngagakgak sarta cacalawakan, ngbarakatak, sabab aya gakgak dan ada haphap. Haphap ngarayap kana palangkakan. Lantaran abah sastra ajrag-ajragan.
Nya abah sastra ragrag ka handap. Ragragna nangkarak, ka sawah saat. Alaaah, Abah Sastra sangsara. Sabab Abah Sastra kakarayapan na sawah saatna. Da lapar. Hanaang. Rada lawas Abah Sastra nalangsana na sawah saat. Aya kana salapan abadna. Salapan ahad!

Lantaran Abah Sastra alpa kana hajatna, garwana sarta tatanggana, baraya-barayana, marapay. Barang datang ka sawah saat. Kasampak Abah Sastra aya, nangkarak na sawah saat. Barayana nanya: "naha Abah? Mana gagabah. Ngala nangka kakalacatan sagala. Apan ngala nangka mah gantar panjang aya". "Naha" kata Abah Sastra. "Mamah kalahka nyalahkan Abah. Saha jalmana hayang sangsara cara Abah, ragrag ka sawah saat. Apan Abah nangkarak aya salapan abadna na sawah saat. Gara-gara haphap bangkawarah, haphap badag kakarayapan kana palangkakan Abah. Panyangka haphap na calana Abah aya barayana, pan mamah apal na calana abah mah taya barayana haphap, ngan aya kadal badag. Hanca mamah." Abah sastra ngajawab.

Lantaran panyawat Abah Sastra kasawang rada parna, nya Abah Sastra aya maksad tatamba ka Rancabadak. Rada anggang, aya kana dalapan palna. Asalna mapay-mapay sawah bras ka jalan satapak. Barang datang ka jalan aspal, aya kahar. Sadatangna ka Rancabadak, Satpam nanya: "Wah, naha kawas2 aya gawat? yap payang, payang, payang kana balangkar.”

Abah Sastra mapay-mapay kana balangkar, ka sapanjang gang, bras ka kamar salapan, rada lawas tatambana ka Rancabadak-na. Aya ka dalapan abadna. Sadayana kadang wargana, nyangka lalampahan Abah Sastra ngala nangka ka Majalaya, sarta tatamba ka Rancabadak, bakal panjang.

Salah, lalampahan Abah Sastra ngala nangka ka Majalaya, sarta tatamba ka Rancabadak bakal tamat. Sabab baraya-baraya Abah Sastra ngalayad ka Rancabadak-na kalahka salah, ka kamar tujuh.

Hahahaha..

-budak buncir- A.S.S.

Comments

Popular posts from this blog

Ex Tunc & Ex Nunc

Kota Bandung dan Kota Malang